Sampurasun!
Ayeuna teh poe Rebo. Saurna mah poe Rebo teh tos dijejegkeun janten poena Basa Sunda. Pak Ridwan Kamil mah langkung bedas deui dugi ka ngadamel aturan yen sadaya pagawe PNS Kota Bandung mah kedah nganggo Basa Sunda, ditambihan ku iket kanggo pameget. Ka sakabeh masyarakat Kota Bandung oge, Walikota teterasan miwarang ieu usaha kanggo ngamumule basa karuhun urang.
Sim kuring mah di dieu ngajujurung sorangan we heula. Ari Deden mah kana basa Sunda teh tos remen dianggo dina poe-poe nu sejen, mung ayeuna mah kedah langkung leres. Kedah langkung leres maksadna teh ku lantaran abdi balelo keneh, sanajan abdi dibabarkeunna di tanah Priangan. Ti alitna tara nanggo Basa Sunda atuh da.
Pun bapa teh ti Pamanukan, Subang, ari pun indung mah asli Malangbong, Garut. Pamanukan teh pan wewengkon pantai utara Jawa Barat, janten pun bapa mah seueur oge dipangaruhan ku basa Jawa. Ari tetela teh aki ti Pamanukan saleresna ti palih Jawa-na Indramayu, aya oge patalina sareng Brebes, Jawa Tengah. Gampil ari milarian lebah Jawa ti Jawa Barat mah, tiasa ditingali dina palih kalerna jalan Pantura eta, lebah ka lautna. Ari pun indung? Eta mah teu kedah ditataros deui, asli Priangan! haha
Nanging, alesan sim kuring can tiasa nyarios ku Basa Sunda ti aalit teh sanes ku bentenna pun bapa sareng pun indung. Saur pun bapa, kunaon abdi teu diajarkeun basa Sunda heula, kalahkah Bahasa Indonesia, kulantaran anjeunna hoyong abdi teh gampil lebet sakola. Anjeunna teh nimbang-nimbang yen upami abdi neraskeun ku basa Sunda jenten basa indung, abdi moal gancang pinterna, sesah ngapalkeun, jeung nya kitu we lah ukuran-ukuran jaman kiwari.
Pangaruh tina tingkat pendidikan oge janten pangjurung pun bapa sareng pun indung. Duanana sarjana, malah pun bapa mah ngadosenan di UPI. Jurusanna teh Basa Arab sareng tos janten doktor (S3). Pun indung ayeuna tos janten panyuluh agama Kota Bandung, atos master (S2). Di rorompok, buku mah ngalangkungan lobana parabot. Aranjeunna tos ngadamel kaayaan anu nyukupan sim kuring kanggo diajar.
Tapi, rek diajar naon?! Upami engkena abdi teu tiasa silih "punten-mangga" upami paamprok jeung batur. Diajar naon?! Upami ngkena arurang tos tara calik deui ngariung bari ngaliwet. Diajar naon?! upami ngkena abdi kaleungitan jajati diri.
Sim kuring ayeuna tos bade ngarengsekeun kuliah di Unpad. Universitas Padjadjaran nu sohor ti Jatinangor. Jurusanana Hubungan Internasional. Pok caritana langkung nebihan ti kasundaan anu ditawisna lokal.
Naha teuing!? Aing urang Sunda. Eta ngaran Padjadjaran teh ngaran karajaan. Sesepuh sim kuring teh di dinya basa bareto tos nyanghareupan kaayaan internasional. Sesepuh sim kuring teh tos gaduh paripolah dina ngurusan jalma Cina, Arab, Melayu, Jawa, Portugis, jeung saha wae ge nu sararumping ka tanah Sunda ieu. Tos biasa. Naha kudu nebihan?!
Kanggo niiskeun manah sareng pipikiran, ayeuna mah sim kuring mung nembe tiasa nyadarkeun diri. Alhamdulillah dugi ka ayeuna sakedik-sakedik nuju milarian deui tilas tatapakan pun aki Siliwangi. Dina dinten ieu abdi ngarumasakeun yen abdi gaduh kawajiban, boh salaku jalma Sunda, boh Muslim anu nuju diajar Hubungan Internasional, Komputer, Filsafat sareng urusan-urusan nu sejenna.
Dina kawajiban salaku jalma Sunda, sim kuring kedah teras-terasan ngamumule paripolah sareng basa anu sakitu saena. Salaku anu nuju diajar, ti dinya abdi sareng sarerea urang sunda nu kuliahan kedah geura gugah, emut kana kaageungan bangsa Sunda jeung Indonesia. Eta moal kabedag upami arurang can tiasa ngamimitian (sanes heureuy) milarian sagala rupi pusaka kasundaan. Eta teh modal pikeun urang sadaya ngaakurkeun dunia akhirat. Da Islam teh sanes Arab. Urang Sunda janten Islam teh kedah angger tiasa ngahariring Dangdanggula jeung Asmarandhana, sanajan nuju ngaos Quran oge.
Mung kitu. Jantenna sim kuring teh ayeuna ngamimitian oge ngaos falsafah-falsafah kasundaan anu tiasa urang candak dina raraga aosan Hubungan Internasional. Duka tah abdi kedah ka saha heula. Paguyuban Pasundan? Sastra Sunda Unpad? Atawa saha wae nya, panginten.
Sing urang sadaya janten teras emut ka pusaka Sunda. Eta emutan teh ulah kalahkah ngajadikeun urang ngadon cicing. Maksad nu langkung leresna teh urang tiasa teras hirup dina galur nu bener, nu sae, nu endah. Panginten tina basa sundana we heula. Iket upami gaduh. Can gaduh mah meser we payuneun Pusdai 15 rebuan. Teu kenging ditawis, hawatos. hahaha
Hatur nuhun ah, punten abdi mayunan.
Sampurasun